Kamis, 13 Mei 2010

Seserahan

Naskah Biantara
Seserahan Panganten
Anu Ngarengga:
Aceng Zamakhsyari, S.Pd.I.MM

JAJAP PANGANTEN

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

الحمد لله رب العالمين وبه نستعين على امورالدنياوالدين اشهدان لااله الاالله واشهدان محمداعبده ورسوله اللهـم صل على سيدنا محمد وعلى ال سيدنا محمد وسلم ورضي الله عن كل الصحابة رسول الله اجمعين .اما بعد فقال الله تعالى فى القران الكريم وهواصدق القائلين اعوذبالله من الشيطان الرجيم بسم الله الرحمن الحيم : ومن آيته ان خلق لكم من انفسكم ازواجا.....الخ . وقال النبي صلى الله عليه وسلم ايهاالشباب من استطاع منكم الباءة فاليتزوج فاءنه احصن للفرج وابغض للبصر وقال ايضا النكاح سنتى ومن رغب عن سنتي فليس منى .............. الحديث
Langkung ti payun puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Allah Swt.; kalawan karidoan Na urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok.

Shalawat sinareng salam, mugia katampi ku Rasulullah Muhammad SAW.anu parantos ngaping ngajaring ka urang sadaya ku ajaran Islam.

Salajengna pribados kalawan asmana Bapa…… ( Keluarga Calon Panganten Pamegeut,disingkat KCPP) seja ngahaturkeun rewu nuhun laksa keti kabingahan ku panampian ti keluarga Bapa .......( Keluarga Calon Panganten Istri,disingkat KCPI) Dipapag ku payung agung, disampak raray marahmay, dongkap langsung dilinggihkeun, tos kitu teras ditakon.
Ari anu janten pamaksadan pangna jauh dijugjug anggang diteang, leueur-leueur
kindang iteuk teh teu aya sanes :

Anu kahiji, hoyong nyanggakeun tatali silaturahmi ti kulawarga bapa ...... ka kulawarga bapa ...... (KCPP) Mugia ku silaturahmi ieu, tiasa manjangkeun duduluran, manjangkeun umur oge manjangkeun kasinugrahan. Rasulullah Saw. Ngandika anu unggelna sepertos kieu :

قال رسول الله صلى الله عليه وسلم من احب ان يبسط له فى رزقه وان ينسأ له فى اثره فليصل رحمه...... الحديث
Kalayan pihartosen nana sepertos kieu : Saha ari jalma anu miharep di seeurkeun rizkina tur dipanjangkeun yuswana, mangka tepungkeun tali silaturrahmi.

Anu kadua, seja nohonan jangji; rehna diantawis kulawarga Bapa ....... (KCPP) sareng bapa ........ (KCPI) kantos pasini jangji – pasang subaya; rehna mun dugi kana waktosna seja ngadahupkeun pun anak wastana ................... ka ingkang putra wastana.................... anu saur ki dalang mah pun anak teh keur sedih kingkin. Mun peuting teu weleh nyaring; ti beurang ngan sumoreang. Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo. Ari anu diimpleng iwal ti malati asri nu ligar di pakarangan Bapak/Ibu ............................

Ayeuna cunduk waktuna ninggang mangsana ,sok sanaos dibuni-buni da ebreh, teu benten ti meungpeukan beungeut ku saweuy, meungpeun carang ku ayakan , ku kituna seja dikembang boledkeun -- dibejer beaskeun. Pangna jauh dijugjug anggang diteang, hujan gede papayungan, leueur-leueur kundang iteuk, gorek-gorek tuweuw ge ludeung , dijajap ku ibu rama, diiring ku kadang warga, teu aya sanes Bapa ...................... sakulawarga seja nyanggakeun jisim jinisna den ........................................ luhurna sausap rambut, handapna sausap dampal, rambutna salambar, getihna satetes, renghapanana sadami mugia tiasa ditampi kangge ditikahkeun ka ingkang putra, neng ........................ kanggo janteun prameswari batur hirupna

Mung hanjakal nyanggakeun budak teh estu ukur nyanggakeun, teu jeungjing teu sandawa – henteu ngajingjing teu barangbawa atanapi estuning bulucun pisan. Eta oge ketang aya sakedik-kedikeun mah, tambih henteu wae. Ari kahoyong mah langkung ti kitu, namun sakitu kanyataanana, maksud hati memeluk gunung apadaya tangan tak sampai, ieu mah tandaning rasa nyaah cacandakan sakedik teh , ukur sabrang salayang – dongkap kacabe mah henteu, nyanggakeun hatur lumayan – da ari sae mah henteu atuh tandaning tatali asih . mugia tiasa katampi.

Sakitu nu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahe carek
neda agung cukup lumur neda jembar singhaksami.

Billahi taufiq wal hidayah,

Wassalamu ‘alaikum Wr.Wb.

2 komentar:

  1. asa ngupingkeun langsung dinu acara, pa ajengan...

    BalasHapus
  2. kunjungan sob ..
    mau bagi-bagi kalimat motivasi sob ..
    "ada kalanya cahaya dalam hidup kita padam namun di nyalakan kembali oleh seseorang.
    setiap dari kita berutang terima kasih yang terdalam bagi mereka yang menyalakan kembali cahaya kita."
    kunjungan balik ya sob .. :)

    BalasHapus